Social Icons

Pages

Featured Posts

Sabtu, 24 November 2018

Saha nu Go-blog (Going Blogger) kana internet

<
Assalamualaikum, hapunten ka sadayana boh bilih aya kecap nu nyigeung kana manah nu maos dina kaca blog sim kuring ieu. Nya ma'lum kuring mah urang Karawang nu dibabarkeun di Karawang,  ti baheula oge karakterna teh heuras genggerong. 
Nya basa teh memang teu meser, nanging nyakitu sapagodos sareng tempat anu dianjrekan, angger we sok sanaos sim kuring kalebet ti Turki ( Turunan Kidul) anu basana teh lembut sareng halimpu, nya benten pisan di tempat simkuring, namina tempat anu karaos hawana kacida panasna, ieu oge mangaruhan kana situasi sareng kondisi jalmi-jalmi nu nyiruruk di tempat eta, nya tangtos sagala ucap sareng laku lampah teh teugeug sareng heuras, kiteuh.  

Judul artikel di luhur memang kaaosna kacida peureusna, Icikibung dina blogger pikeun simkuring anyar pisan, saur keur nu miceun mah kakarak bereset, atawa saumpama naek mobil mah nembe pisan cle anjeucleu dina jok.

Blogger ceuk basa kirata mah "Go-blog tapi bageur". (ieu nurutkeun simkuring), hartosna saumpama geus resep ngablogger, saur paripaosna "Teu unggut kalinduan teu gedag kaanginan". Nyaeta ngajejentol we hareupeun komputer, laptop atanapi handphone android (gadget calakan), anteng (bageur) pisan ngoprek internet, teu beurang teu peuting, teu kolot teu budak, teu awewe teu lalaki, teu nu miskin teu nu benghar. Estuning, sanes kacapangan deui, geus kana internetan teh, teu meunang di ongget-ongget pisan. 
Naha aya mangfaatna kitu internetan teh?', Is puguh we, sanes hungkul kana pangaresep, zaman kiwari teu bisa internetan atuh, ortodok pisan hirup teh. Teu kitu kumaha, informasi nu kabuka dina internet moal kawadahan ku sajam, sapoe atau mangbulan-bulan, contona mun bosen we kana warta-warta penting, hayang we mukaan anu bisa ngabangbalerkeun kana hate, nyeta nu teu pararuguh tea. 
Mun cenah mah nempo kana zaman katukang, hayang naon-hayang naon oge kudu make duit, mahal atuh. Ayeuna hayang nyaho atau nempo naon ge, di internet mah haratis atuh, kiteuh. Rek budak rek kolot, pikiranna teh srua pisan. ceuk kolot tea mah, moal pacorog kokod pisan, masing-masing sacegna, nyaeta muka internet teh bebas, masing-masing nyekel gadget pintar (calakan) nyaeta Handphone android, teu cara lalajo televisi ribut jeung parebut, nyaeta di lingkungan kulawarga pangaresep teh beda-beda, nu resep kana maen bal aya, nu resep kana film sinetron loba,  ah pokona mah saurang-saurangna jalmi memang benten pangaresepna. Sapertos sim kuring teu resep lalajo televisi teh, ongkoh deuih saatosna ngaos di tempat kajian-kajian ahlus sunnah nembe terang yen nongton televisi teh  haram, naon sawabna pangna haram teh?, pan eta mah sanes kalebet barang-barang kadaharan anu diharamkeun dina Al-qur'an kayaning daging bagong, daging anjing, bangke, geutih, inumeun heuras (miras) jeung narkoba, mun eta sadayana dikonsumsi ku urang.  
Nya muhun televisi teh teu dituang teu dileueut, nanging eta televisi teh kalebet barang "Khobaits", nyakitu dampak atawa akibatna teh mawa madhorot kana pikiran anu lalajo, cobi we saumpama ibu-ibu masak di dapur, ih eta mah saumpama keur resep lalajo sinetron, jongjon we andeprok hareupeun televisi, nyaho-nyaho pasakan anu keur ditaheunkeun di kompor geus tutung, kitu oge pedah we kaambu bauna. 
Matak simkuring mah  saenggeus aya wawaran yen televisi teh barang anu ngamadhorotkeun, gancang we pindah haluan kana internet, mukaan aplikasi we, nya teu WhatsApp, Facebook, Audio, Youtube atawa ngoprek blog atawa web, tapi nyakitu teu kamalinaan teuing. Nya urang teh sing bisa ngabagi waktu, waktuna gawe nya digawe, waktu dahar nya dahar, waktuna sholat nya sholat, pokona mah waktuna, waktuna, waktuna keur naon, nya kedah ulah jalir jangji, ceuk basa perlente mah, sesuaikan ruang dan waktu sebaik-baiknya. 
Naha kitu ari mukaan internet aya mangfaat atawa aya pangaruh ka urang?, tiasa janten, internet mah benten sareng televisi, dina internet kumaha urang jeung deui bisa dikadalikeun ku urang, benten ari televisi mah aya operatorna ti pusat penyiaran, nyaeta station televisi, internetan mah urang tinggal muka browsingna, nya saumpama urang boga pangaresep di internet, tiasa janten pikeun urang aya mangfaatna, sok komo urang rancage tiasa ngadamelan aplikasi-aplikasi penting boh keur android atawa personal komputer, pan ieu mangrupakeun prospek nu hade pisan pikeun urang ka hareup, sapertos ngadamelan toko online, aplikasi audio, anu loba mangfaatna keur batur, nya minimal produk urang teh keur mepende hate urang sorangan.
Ku ayana kabangbalerkeun ku ukur mukaan internet, rek teu boga duit atau beuteung lapar, katempona teh "enjoy" we, jiga we siga jelema beunghar, muhun' sapertos simkuring ieu mah, karak boga handphone android merk samsung ge mani teu euleum-euleum, cenah kiteuh.  Nya meureun batur ge teu beda-beda teuing, keur ngudag kamajuan jaman pastina oge henteu hayang hirup katinggaleun dina masalah informasi jeung komunikasi, pan ayeuna mah jaman now, versi hirup teh obsesina teh nu instan we, salah sahiji jalan keur nuntaskeunna teh iwal gaya hirup nu ngonversi kana pratinjau atawa view and preview. Istilah silaturahim teh cukup we dina internet, teu perlu ngadurudug indit kaditu sacara langsung, keur naon atuh boga handphone atawa gadget pintar, di model elektronik sapertos ieu geus kumplit sagala-galana, rek nelepon make audio aya, rek nelepon paadu harepan beungeut atau video call oge geus nyampak, nyakitu pan aya oge jalma nu resep selfian, meureun kuayana media saperti kitu teh, dijieun luang pisan,  mangpang meungpeung majangkeun poto atawa video dirina dina Weaan atau Facebookan, ngan ulah we disalahgunakeun, abong euweuh jalma nu nempo, kiteuh!. sapertos gumujeng sosoranganan tengah jalan bari jeung nyekel handphone, he..he.
Malah mah ku ayana era global ieu loba jalma ngabelaan meuli handphone, kajen pangabutuh sejen teu kacumponan. Saumpama hayang ngabaso atau jajan ditahan heula, kukumpul duit keur meuli handphone tea. Cik naon atuh kauntunganna mun urang miceun waktu ku internetan saendeng-endeng, bari lat we poho kana dahar, kana pagawean, ka anak pamajikan atau kana anak salaki, leuwih-leuwih pohona kana ibadah nyeta sholat lima waktu, meureun dosana lain hungkul kana kaluarga di imah, leuwih ti kitu, urang geus nukang nonggong ka Alloh Subhana Wata'ala. 
Ku kitu tea mah mun malik jaman katukang, memangna oge sagala rengkak paripolah teh teu bebas jaman kiwari. Baheula, mun urang lalajo film dewasa atau 17 taun kaluhur. disiplin pisan, moal aya budak leutik bisa lalajo film teu pararuguh. Tapi ayeuna, bebas sabebas-bebasna budak bisa lalajo film anu terlarang, padahal memang dina undang-undang elektronik oge aya katangtuanna. Tapi nyakitu, saha rek nyaram, najan aya aturan oge, weleh we bisa diakalan, naha nyahoeun kitu sistem nu internetan jalma-jalma nu geus dewasa jeung can dewasa. Tong boro system, indung bapana oge can puguh nyahoeun. Nya tadina oge, nu bisa dilalajoan teh mung hungkul perangkat televisi atau layar tanjeb, eta mah terbuka atuh', bisa kanyahoan keneh, masih keneh aya quality controle. Kiwari, ku alat leutik anu canggih nu disebut Handphone, eta perangkat teh langkung ageung bahayana pangaruh kana kamajuan fase tumuwuhna murangkalih' kalih tikitu murangkalih zaman kiwari mah benten sareng anu kapungkur, rancage pisan, bari nyengcle dina luhur wese oge, saumpama bisa teu tah, kiteuh. Tah geuning nyaho. Nya pan tadi tea, teu kolot teu budak mun geus anteng mukaan internet di handphone kacida pisan moho kana kawajibanna. Sangkilang dititah dahar oge, weleh we ngabubudeug maneh, api-api we beuteung teu karasa lapar, komo mun dititah sholat mah, meureun matak mugenna teh nataku pisan. 
Nempo kamotekaran zaman kiwari, lain jalma pinter ku otakna ayeuna mah, tapi jiga we leuwih canggih tibatan profesor, heueuh !, tiasa ngarespon sagala problematika, pan ceuk basa mistikna mah, Tanya saja sama Mbah google, pasti mbah google yang paling tahu, ceuk basa ecesna mah, jentre kacida, ceuk budak angon tea mah "cokgalicokgaligacok cocok" teu bisa ngabibisani, mun urang neangan naon wae, dina internet pasti bisa kapanggih. Saumpama dibanding jaman katukang mah hayang boga informasi teh, nyakitu keudeung-keudeung gidig ka wartel, keudeung-keudeung gidig ka perpustakaan. Nya ayeuna mah instan jeung fleksibel pisan, tinggal pencet tombol browser google, terus tik naon nu dipikahayang, ngan sababaraha detik mah anu dipikabutuh teh ku mbah google mah diasongkeun. Tapi nyakitu dampak atawa akibatna teh urang teh bisa jadi jalma kuulen atau kuled. Najan kasebutna jalma pinter ge, engkena teh bisa jadi bodo, da nu diandelkeun teh Mbah google deui - mbah google deui, rek itung-itungan, sagala karerepet aya didinya, komo rek mukaan gambar-gambar atau video porno ge geus nyampak, estuning piranti browser google mah kasebut pangcanggihna dibandingkeun jeung nu sejen sapertos mozilla firepox atawa explorer. Tapi ku kaparigelan sistem nu superhight teh tiasa oge janten mamala kana karakteristik murangkalih anu masih keneh kosong molongpong ku elmu pangaweruh anu aya kaitanna sareng akhlak atawa moral, pangutamana mah masalah atikan hirup nu bener sapagodos sareng agama katut darigamana, kiteuh.
Nya sapertos kacanggihan piranti teh bisa oge nimbulkeun pacenggadan antawis agama sareng era globalisasi, saumpama piranti eta dibuka boh dina handphone atau PC, anu kaitan ngaruksak kana akhlak teh ditembong-tembongkeun pisan,  cacakan teu diteangan oge murudul atawa mucunghul popup notifikasi  di unggal situs-situs terlarang nu nampilkeun poto-poto nu teu pantes dilalajoan ku budak nu can dewasa. Ari jalma nu dewasa mah geus puguh, tiap neangan ubar pastina oge teu kudu tatanya kaditu kadieu, teu kudu boga elmu tembus pandang, buka we dina internet, gampang pisan. Tapi nyakitu, kalakuan kitu teh urang geus kaasup jalma nu maksiat ka Alloh.
Naha atuh eta perangkat bisa dicoo ku murangkalih?, Sakapeung mah memang sok aneh ka kolot-kolot jaman kiwari, mun ngabebenjokeun budak teh ku perangkat android tea, hayuh budak teh dipangmukakeun aplikasi game, film-film kartun sapertos tomat lebay, bus tayo, mickey mouse, bernard, tom and jerry upin ipin, satria baja hideung, jeung rea-rea deui  dina youtube, sok sanajan eta murangkalih teh masih yuswa balita keneh, tapi pangabisa kana muka game jeung video kartun palinter pisan, ku antengna oge repeh meureun budak teh, geus moal ngabeka deui.

Sedengkeun kolot baheula mah, entong-entong ku perangkat model kitu nya, mere permen ge kacida imetna, bisi nu dibikeun teh permen karet atawa kolengkam. Nya meureun matak kitu ge, kolot teh nyaah pisan ka murangkalih, bisi eta nu didahar teh ngabahayakeun. Kumaha ayeuna?, sarua nyaahna,ngan dibebenjokeunna lain ku peremen atawa kolengkam, supaya budak jadi repeh nya dibikeun oge tah perangkat android teh, ari indung bapana kumaha?, simanahoreng kalakuanna leuwih-leuwih ti anakna,  oge jongjon mukaan perangkat sapertos kitu, ngan bedana teh ari geus kolot mah lain mukaan gambar atau film kartun, tapi neangan ide sejen sapertos dina widang-widang anu aya patalina sareng pangabutuh, boh urusan bisnis, ekonomi, keluarga, ah loba we teu perlu ditataan hiji-hiji, eta mah bisa kapikiran ku urang masing-masing kiteuh. Mun urang fokus kana  istilah dina basa deungeun (Basa Inggris) "WYSIWYG" nyaeta " What You See Is What You Get" nu hartosna " Naon wae ku anjeun tingal, jeung naon wae nu ku anjeun dihasilkeun". tangtuna oge internetan teh lain saukur meakeun waktu anu teu puguh. Cik naon anu ku urang kaala hasilna?', meunang duit nu loba atawa bisnis anu mucekil?, ieu tiasa diwaler ku urang masing-masing.
Kuring mindeng pisan nyoo perangkat gadget pintar teh, eta we mun geus anjlece ngablogger,anteng we teu regrog-regrog nagen we, ngan ari kuring mah aya ingetna teh mun beuteung lapar pasti indit ka dapur neangan sangu keur dahar atawa mun aya nu adzan di masjid pasti indit ka  masjid, henteu iyeuh kudu kagegeloan ku internet mah,  da urang teh hirup di dunya memang boga hak-hak anu kudu ditarima ku urang diantawis rejekina teh sehat, boga pamajikan, harta barana, boga anak,panjang yuswa, jrrd, tapi sing inget, urang ulah hayang kana hakna wae atuh, tapi kawajiban urang ka Alloh Subhana wata'ala oge kudu ditedunan, kitu ge ari boga kaera. Sakieu we lur bahasan peuting ieu, salajengna mah antos artikel nu sanesna," Wait and See".
Wassalamualaikum.

Kamis, 04 Juli 2013

Blog Saha ieu ?


Blog saha ieu?, Ieu blog katingalna sejuk pisan, mun ieu blog dicicingan ku urang meureun kacida betahna, teu betah kumaha? disisi jeung ti gigirna loba tatangkalan nu ngalinduhan ka halaman muka blog,tah..' fitur blog seperti kieu teh  pikeun sim kuring mah matak reueus jeung reuseup pisan. Pantes pisan mun ieu blog dicicingan keur tempat niis jalma-jalma stress, loba kapusing jeung nu kasepian. 
Tah matak sim kuring milih template blog saperti kieu teh keur mepende hate nu rudet pinuh nu ku sagala masalah nu moal bisa dipapalerkeun dina waktu nu samporet, kiteuh. Sugan jeung sugan cicing dina blog ieu bisa kabangbalerkeun. 
 

Sample text

Sample Text

Sample Text